Lumumpung jalan nu di tangtayungan murubut ingetan lantaran kasampurnaan
Naha saha Nu teu kenal srangenge ti wetan Nu jalanna lempeng ka kulon ku parentah pangeran
Naha saha Nu apal bentang-bentang Nu saban penting nembongken kicepna pikeun sakumna jalma
Lian ti kitu Naha apal saha urang Nu apal kabeh Nu aya di dunya?
Cenah mah urang teh pamimpin kabeh Nu aya di dunya.
Kumaha?
Bisa?
Siap?
Da gening pamimpin Teh jelema Nu lempang mawa tanggungan dina cukang leutik. Panjangna eta cukang salila umur urang mun di lewetan. Kasalametan urang aya dina kahati-hatian....
Mangga ah kula kur ngarasa oge kur ngabewaraken
Ieu dunya lain tmpat salilana urang cicing, aya deui Nu bakal kasorang Nu pasti Nu abadi.
Keur naon atuh urang ayena?
Naha sibuk ku urusan harta?
Naha sibuk ku urusan kahormatan/tahta?
Nepi ka poho balik ka tempat sakuduna.
Jelema/jalma naon ath ari urang?
Geuningan karasa kurangna, loba batesanna. Kuala rada ngarti da geuning jelma ciptaan aya Nu nyiptaken pantesan loba kurangna oge batesna, panempo aya batesna, panguping aya batesna, pangambeu aya batesna dugi ka nyawa ge aya batesna... Naha saladar teu kana eta? Ngaku pinter, ngaku bener, ngaku jago, ngaku kuat. Teu aya Nu kuat mungkir tina kapastian maot..,
Mangga gusti nyanggaken abi da abimah hasil karya gusti, nyanggaken diri abi gusti nu sok tebih ti gusti hapunten gusti abi bodo nebihan gusti...
Gusti alloh... Allohuakbar

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama