Jorelat wanci janari ka sarepna nandakeun ka sieun kuring
Sieun langit nutup panto balik kuring
Da basa sarepna eta layung Nu beurem hese ngilang mangrupa tulak panto tina seune nu ting jorelat ngaduruk sakur panon nempo
Ti langit ngadadak sora tarompet ngendek-ngendek hate Nu lila nyaba ka diskotik jeung tempat karoke
Masjid-masjid Nu jadi tempat paniisan ngadadak lumpat ngajauhan
Kuring harita lumpat dina kojayan cai mata jeng kesang sieun Nu can pernah ka alaman, bingung Nu can pernah ka alaman oge waas Nu maturan lumpatna kuring
Manehna ngagorowok sagorok-gorowokna 'balikeun deui kuring, kuring tobat, kuring hanjakal' tapi wanci nu bahela sobat dalit muter tingkah Nu geus di lampah, teu lila ngajadi pecut tina seune Nu ngaduruk sakabeh awak ku sakali pecutan.
Kuring hina, kuring tobat, kuring bodo, baliken deui kuring ka baheula, kuring arek tobat
Gorowok deui saeunggeus awak Nu ancur ngahiji alus deui
Kitu terus salawasna
Inget kana carita eta dina mangsa layung beurem nu mere keueung
Naha nyaba ka pageto saengges qur'an di baca ku hate.

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama